Header Ads

CONTOH NASKAH PEMBAWA ACARA (MC) PANATA ACARA BAHASA SUNDA DALAM ACARA PUPUHU KEPALA SAKOLA ANYAR Download Word

                                          


    Sampurasun sobat Inc, Wilujeng siang, wengi, enjing enjing. Nah untuk postingan abdi dina denget ayeuna abi bade ngabeberkeun pakenaan kana janten MC atau pembawa acara ku bahasa sunda acarana teh ntos khusus nyaeta PUPUHU SAKOLA ANYAR nah ieu tugas teh ditugaskeun ka abdi pas abdi kelas 12 , langsung wae kanu pembahasaan  di handap . Disa oge di download Via GOOGLE DRIVE linkya ada di bawahnya temen temen dalam bentuk word :

 Sambutan Pupuhu sakola anyar

Assalamualaikum Wr. Wb.

Pangersa bapa pupuhu sakola anuku sim kuring dipihormat,Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa rerencangan simkuring anu ku sim kuring dipihormat,  Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan  sareng ni’mat islam dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara nyambut sareng perpisahan bapak pupuhu SMK Negeri 2 garut.

Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in-tabi’ina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapa’at ti manten-Na.

Hadirin sadaya hormateun sim kuring!Nepangkeun wasta Tata Zulfikar Ramdan  salaku ketua OSIS SMK Negeri 2 Garut. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta acara nyambut sareng perpisahan bapak pupuhu SMK Negeri 2 Garut.

Wanci ayeuna. Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, sewu nuhun laksaketi kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Mugiasing genah betah.Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :1. Bubuka

2.Ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun solawat nabi

3. Kedal pamappag ti pupuhu panata calagara tepang sono Akbar

4. Nembangkeun Nasyid

5. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola

6. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMK 2 Garut.      Biantara pangbagea ti wawakil Alumni

8. Bewara forum alumni

9. Do’a

10. Panutup

Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Qur’an dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!

Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alqur’an  sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMK 2 Garut. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa H. Endang RachmatA. M.Pd. dihaturanan......

Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan..........

Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis SMK N 2 Garut anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna.Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak Sudrajat, dihaturanan.Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.Hadirin sadaya hormateun sim kuring!Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade dipintonkkeun ku group nasyid SMK N 2 Garut anu janten kareureueusan di sakola SMK Negeri 2 Garut. Sumangga dihaturanan!........Hatur nuhun ka group nasyid SMK Negeri 2 Garut anu parantos maparin hariring nasyidanu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos janten pinunjul dina lombaNasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid SMK Negeri 2 Garut langkung mekar, nyandak nami SMK Negeri 2 Garut  langkung seungit. Amin ya Allah ya Rabbal ‘alamin.Hadirin sadaya, sateuacan nincakkana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa sudrajat dihaturanan!.....

Alhamdulillahirabbil A’lamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator. Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!.......

Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara kudu’a. Sumangga bapa Ustad Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin du’a............

Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin du’a, mugia du’a urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin.Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagalarupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMK Negeri 2 Garut  di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.


Mungkin sekian dahulu untuk postingan sekarang nah untuk kalian yang mau DOWNLOAD FILE WORD Tentang Contoh Naskah Panata Acara Bisa didownload DI SINI Terima kasih banyak jangan lupa kalo ada salah dan terjadi kendala dalam mendownloadnya bisa di komen di bawah 

Dahhhhh





 

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.